Ngamumule Basa Jeung Kabudayaan Urang sunda kalayan silih asih, silih asah jeung silih asuh. Jeung Penetepan Rohmatan lil a'lamin di candak na ku Sunan Gunung Jati katurunan Prabu Siliwangi sareng kerabat Sunan Gunung jati kango kahirupan nu langgeng di akherat.


Translate

Selasa, 17 Januari 2023

Basa Sunda 4 - Ngagalantangkeun kalimah pananya

 Ngagunakeun kecap Saha Jeung Naon

Basa sunda



Conto Kecap Saha

1. Yulia rék ngagoréng ulén
saha anu rék ngagoréng ulén téh?

 2. Galih diajar tumpak sapéda
saha nu diajar tumpak sapéda téh?

 3. Wahyu keur ngarang dongéng
saha anu keur ngarang dongéng téh?

 4. Solihin bisaeun ngoméan radio
saha anu bisaeun ngoméan radio téh?

 5. Kartini pinter ngawihkeun lagu
saha anu pinter ngawihkeun lagu téh?

 6. Gumilang nyepak bal tarik pisan
saha anu nyépak bal tarik pisan téh?

7. Yusup ngaraut awi keur karajinan
saha anu ngaraut awi keur karajinan téh?

 8. Ujé ngadorong mobil lebah tanjaka

saha anu ngadorong mobil lebah tanjakan téh?


Conto Kecap Naon

1. anduk keur diseuseuh ku nita

naon anu keur diseuseuh ku nita téh


2. suluh rék dibeulahan ku ahmad

naon anu rék dibeulahan ku ahmad téh?


3.papan rék dihampelas ku karyana

naon anu rék dihampelas ku karyana téh?


4.balong keur dibedahkeun ku pa haji

naon anu keur dibedahkeun ku pa haji téh?


5. kompor rék dihurungkeun ku ibu déwi 

naon anu rér dihurungkeun ku ibu déwi téh?


6. hayam katé keur diparaban ku mang didi

naon anu keur diparaban ku mang didi téh?


7. angeun lodéh keur dihaneutkeun ku sartika

naon anu keur dihaneutkeun ku sartika téh?


8. panto gerbang geus dikonci ku bapa satpam

 naon anu geus dikonci ku bapa satpam téh?



Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nu Enggal

Maen Kaleci

 Sumber: www. datasunda.com Kaulinan barudak lalaki kaasup loba rupana, di antarana anu tepi ka kiwari masih aya tur angger dipikaresep ny...