Ngamumule Basa Jeung Kabudayaan Urang sunda kalayan silih asih, silih asah jeung silih asuh. Jeung Penetepan Rohmatan lil a'lamin di candak na ku Sunan Gunung Jati katurunan Prabu Siliwangi sareng kerabat Sunan Gunung jati kango kahirupan nu langgeng di akherat.


Translate

Minggu, 17 September 2023

Maen Kaleci


 Sumber: www. datasunda.com

Kaulinan barudak lalaki kaasup loba rupana, di antarana anu tepi ka kiwari masih aya tur angger dipikaresep nyaéta ngadu kaléci. Jiga medar deui  ngadu kaléci gé, terkadang nu mikaresepna lain barudak waé.

Ngadu kaléci téh ngaran kaulinan nu alat utamana kaléci. Istilah husus nu dipakéna nyaéta:

  

kokojo = kaléci paragi nyéntang/nojo.

céntang = nojo kaléci séjén disintreuk tarik. 

golotok = nojo digolotokeun lalaunan.

stan = nojo kaléci tina tuur atawa pingping bari awak rada ngajurungkunung.

blép = kokojo kacandet ku jelema, teu meunang diingkahkeun.

dur = kokojo kacandét ku jelema sarta terus diingkahkeun (dijauhkeun).

pot = kokojo paéh lantaran teu kaluar tina kalang.

 olés = keuna wungkul tapi henteu beunang, kaci nyéntang deui.

épék = ngadeukeutkeun kokojo ngaliwatan kaléci séjén.

stik = kaléci séjén sajeungkal deukeutna jeung kokojo.

pocés = ngadu kaléci ku cara pasangannana ditunda dina kalang pasagi atawa buleud








Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nu Enggal

Maen Kaleci

 Sumber: www. datasunda.com Kaulinan barudak lalaki kaasup loba rupana, di antarana anu tepi ka kiwari masih aya tur angger dipikaresep ny...