Ngamumule Basa Jeung Kabudayaan Urang sunda kalayan silih asih, silih asah jeung silih asuh. Jeung Penetepan Rohmatan lil a'lamin di candak na ku Sunan Gunung Jati katurunan Prabu Siliwangi sareng kerabat Sunan Gunung jati kango kahirupan nu langgeng di akherat.


Translate

Sabtu, 16 September 2023

Medar Langlayangan



Medar langlayangan téh salasahiji kaulinan barudak lalaki anu kacida populérna. Dina kanyataanana nu raresep medar téh lain barudak waé, dalah kolot gé loba nu resep. Méh di unggal tempat/daérah aya waé nu medar, pangpangna dina usum halodo bari kabeneran alus angin, langit téh mani sok katémbong rapang ku langlayangan. Atuh urang mancanagara gé geus loba nu mikaresep kana ieu kaulinan.


Lantaran medar langlayangan mah loba nu mikaresep, pamaréntah ngaliwatan Dinas Pariwisata mindeng ngayakeun pestival langlayangan boh tingkat nasional boh tingkat internasional, hususna langlayangan hias. Di Pangandaran, osok diayakeun “Pangandaran Kite Festival”, atuh di Bali ogé osok deuih diayakeun pestival langlayangan internasional. Ari intina mah nya lomba paalus-alus mangsana kumalayang di langit langlayangan nu sok dipéstivalkeun mah.


Di tatar Sunda kaulinan langlayangan téh sasat geus ti baheula pisan ayana, boh di lembur boh di kota. Aya nu sakadarreseppapantenganwungkul,tapiarikaréréaanana mah sok diadukeun, tangtu baé kenur atawa bola keur kapentingan ngadu mah bagian ka hareupna dipasangan gelasan anu bahan utamana tina bubuk beling.


Ukuran langlayangan ogé rupa-rupa, ti nu leutik tepi ka nu gedé. Langlayangan gedé sok maraké buntut nyaéta nu sok disebut langlayangan gomrés. Malah baheula mah ayanungahajabuntutnamakébuntutmerak.Aringaduna, langlayangan leutik mah umumna sok maén kubet/betot, ari langlayangan gedé mah sok maén tataran atawa ulur.


Salian ti paalus-alus gelasan, langlayangan ogé sok paalus-alus wangkong atawa gambar. Mangsana diadu, sok katémbong gagah langlayangan nu wangkongna alus mah.

Rarancang langlayangan dijieunna tina awi nu dirautan sarta diaturna maké bola, ari keretasna aya tilu rupa, nyaéta keretas endog, keretas minyak, jeung keretas jarami/keretas sampeu. Tah ari langlayangan gedé nu jangkungna leuwih ti saméter mah cocogna maké keretas jarami, lantaran mangsana kagentak angin sok karasa hipu henteu matak langsung kapakan.


Aya rupa-rupa istilah dina kaulinan langlayangan: kapakan = langlayangan leupas/pegat sorangan

henteu karana diadu.

godos = langlayangan keur diadu terus lésot/ misah deui.

nyasar = ngaduan langlayangan batur lain tina gelasanana.

ditataran = diulur, dibéréan sina luhur.

dikubet = dibetot kalawan ngagentak dina diadu. digibrig = ngadu langlayangan ku cara dicentok-

centok, henteu loba ngulur.

digombél = ngadu diulur bari langlayanganana sina “hirup”.

kebluk = langlayangan hésé disarang-séréngna. gélényé = gampang disarang-séréngna jeung teu

daék anteng.

gédég = ngapungna kérétég (ngagibrig), biasana alatan tali timbana handap teuing.

mayung = langlayangan nanjung kawas payung. mumbul = langlayangan nu leupas beuki ka luhur. nyéréng = malik ka kénca atawa ka katuhu.

nutug = langlayangan nyirorot. wangkong = gambar langlayangan.

cacap = béak pangulur tina golonganana. ngarucu = moro langlayangan.

rérénténg = bola/kenur nu diberendil-berendil paragi ngabandang.

ngabandang = néwak langlayangan nu éléh ku langlayangan deui.

ngarebol = megatkeun (maling) benang/gelasan batur nu langlayanganana geus éléh atawa kapakan.

gelasan = benang seukeut husus paragi ngadu, biasana maké campuran bubuk beling, silikon, atawa salatin.


tali timba = tali langlayangan antara beuheung jeung tungtung beulah handap.

rarancang = rangkay langlayangan.

tali barat = benang dina rarancang antara tungtung hulu jeung jangjang.

 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nu Enggal

Maen Kaleci

 Sumber: www. datasunda.com Kaulinan barudak lalaki kaasup loba rupana, di antarana anu tepi ka kiwari masih aya tur angger dipikaresep ny...