Ngamumule Basa Jeung Kabudayaan Urang sunda kalayan silih asih, silih asah jeung silih asuh. Jeung Penetepan Rohmatan lil a'lamin di candak na ku Sunan Gunung Jati katurunan Prabu Siliwangi sareng kerabat Sunan Gunung jati kango kahirupan nu langgeng di akherat.


Translate

Kamis, 14 September 2023

Basa Sunda 5 - Panguneman Sapopoe', Drama, Jeung Diskusi

     


    Paguneman téh geus jadi bagian tina kahirupan urang sapopoé. Di mana waé asal amprok jeung nu wawuh sok terus ngobrol, komo jeung sobat nugeus heubeul teu panggih mah kadang terus uplek. Tah, ngobrol téh paguneman lisan, sakapeung teu ngaleunjeur, tampolana téma obrolan téh sok uclag-aclog tara jejem dina hiji téma. Béda deui jeung paguneman dina tulisan, boh basana boh kalimah-kalimahna, sok museur kana hiji téma. Dina pangajaran kahiji ayeuna diwanohkeun rupa-rupa paguneman, saperti paguneman sapopoé, paguneman dina naskah drama, paguneman dina diskusi, jeung saterusna, kaasup sagala rupa nu aya patalina jeung éta paguneman.

A. Paguneman Sapop

conto paguneman sapop

Indung jeung Anak

“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.

“Naroskeun naon? Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.

“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.

“Kieu, Mah..., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basanaékangkot,Bapamahtipengkernaékna...lungsurna mah ti payun,” pokna.

“Tah, éta téh salasahiji tatakrama dina naék jeung turun tina mobil.”

“Naon ari tatakrama téh, Mah?” Atia nanya deui.

“Tétéh terang! Tatakrama téh aturan sopan santun téa, nya?” omong lanceukna, haget mangjawabkeun.

“Leres. Sakumaha ceuk Si Tétéh, tatakrama téh mangrupa aturan sopan santun dina hirup kumbuh sapopoé. Tatakrama téh jembar pisan. Lain ngan dina naék-turun mobil baé, dina nyarita, waktu nyémah, dina maké papakéan, waktu dahar, anggah-ungguh awak, ngaliwat ka hareupeun jalma...,” ceuk indungna, ngécéskeun.

“Dina waktos natamu atawa nyémah kumaha, Mah?”

“Tatakrama dina natamu di antarana, ngucapkeun salam, punten, atawa ngetrok panto tilu kali.”

“Ari dina dangdosan?” ceuk Atia, bangun beuki panasaran.

“Sarua, aya tatakramana. Nya di antarana, papakéan anu dipaké ku urang téh kudu diluyukeun kana waktu jeung situasina.”

“Mah, ari hubungan tatakrama sareng atikan moral... kumaha?” lanceukna milu nanya.

“Ari kitu?” malik nanya, giliran indungna ngembang kadu. Dina haté indungna aya rasa reueus duméh si Tétéh, lanceukna Atia nu kakara kelas tujuh SMP ngajukeun pananya anu kaitung alus jeung munel saperti kitu.

“Wiréhna Bapa Guru di sakola kantos nyabit-nyabit sual éta,” jawabna.

“Hubungantatakramajeungatikanmoraltéhpohara raketna. Malah bisa disebutkeun tatakrama téh bagian tina atikan moral! Kapan nu disebut moral téh nyaéta ahlak, ajaran ngeunaan laku lampah hadé jeung goréng,” ceuk indungna, “Tos heula, nya...Mamah badé salat asar heula.”.


B. Paguneman Naskah Drama

conto paguneman Naskah Drama

Juag Toéd 

Opang : Lurah kongsi! Tong panjang teuing atuh pidatona! Singet wé singet! Geuwat pungkas!

Lurah Kongsi : (Baringajenghokterusngeleper)Ju...juraganDemang anu kahurmat, Juragan Patinggi anu kahurmat, Juragan...

Opang : Kalah balikan deui! Geuwat pungkas!

Lurah Kongsi  : Ju...ju...juragan Pungkas anu kapungkas... 

Opang : Naon tatéh naon? Kalah ka beuki 

Lurah Kongsi : Ju...ju...jur...juriiig! (Bari naplékan biwirna sorangan bawaning ku keuheul). Naha biwir téh jadi kieu? (Ka gegedén). Duh juragan Demang, neda hampura, janten macét kieu.

Demang : (Bari imut wibawaan) Keun baé. Teu kudu inggis. Sakitu gé lumayan aya soraan kénéh. Ngan tangtu di Kadaleman mah kudu daria tur lungsur- langsar. Bisa teu kira-kirana biantara hareupeun Dalem?

Lurah Kongsi : (Barihulang-huleng bingung) Pa...payuneun Dalem?

Demang  : Enya. Tah biantara bieu téh kaasup latihan. Di mamana gé kasebut pingpinan rombongan mah kudu bisa biantara. Sanggup teu?

Lurah Kongsi : (Bari gideug) Teu...Teu sanggem, manawi....

Patinggi : (Mairan). Ari geus? Saha nu bakal ngawanohkeun ieu kasenian hareupeun gegedén?

Lurah Kongsi: : (Bari rarat rérét ka panjak) Saha nya?

Panjak :Keun uing wé lah! Pira gé nyarita?!

Patinggi :  Alus! Saha ngaran?

Panjak :  Isin.

Patinggi : Éra ku saha?

Panjak :  Ah henteu.

Patinggi : Naha atuh nyebut ngaran-ngaran baé bet éra? Can nanaon geus éra! Komo engké payuneun Dalem? Geus tong éra-éra, pok sebutkeun, keun baé goréng ogé da lain salah silaing, tapi salah bapa silaing nu méré ngaran. Pok sebutkeun, saha ngaran silaing.

Panjak : Sumuhun...Isin! Ari Isin mah nya Isin wé Juragan. Naha bet asana téh kabina-bina teuing? Piraku kudu diganti mah? Balikanan diganti matak hapa hui! Isin wé Juragan, ka sasaha ogé sok Isin baé. Tah taroskeun ka Lurah Kongsi, uing téh Isin nya Kang?

Lurah Kongsi : Enya..., kitu pisan. Tapi mémang jadi lieur jangar. Kudu kumaha atuh nya? Kieu wé atuh Sin, Jang Isin langsung baé biantara, ngawakilan Akang. Keun urusan buruhanana mah, sa deui. Asal Jang Isin bisa nebus wiwirang Akang. Pok Sin geura mimitian.

Opang : (Barakatak téh seuri ngeunah, dirina ngarasa nu pangheulana ngarti). Hahah....hahah....héhéh...ngarti ayeuna mah, ngarti.

Patinggi : Ari silaing kasurupan, Opang? Teu puguh pasualan-ana, bet ujug-ujug ngarti?

Opang : Kieu Juragan... atawa kieu wé.... (Ka Panjak) Sinnnn!

Panjak : Kawulanun Juragan...

Opang : Isssiiinnnnnnnn.

Panjak : Dawuh timbalan, Juragan...

Opang : (Ka Patinggi). Tah kitu Juragan!

Patinggi : Ooooooo...jadi éta jalma téh ngaranna Si Isin...

Demang : Sin!

Panjak : Dawuh timbalan Juragan...

Demang : Keur nyingget waktu. Pok geura mimitian. Singet, jéntré, panceg!

Panjak : (Sonagar) Kum teu diwiji-wiji! Ménta hampurana! Ménta pidungana! Ménta salamet! Ménta sing saregep! Ménta tenang! Ménta tong ribut! Ménta...

Demang : Geuning loba paménta silaing mah Sin? Nu bener ah! Piraku biantara kawas kitu patut? Cik balikan deui!

Panjak : Kumteudiwiji-wiji.Kakabéhparasadéréknurarodék.
Aéh. Pokona mah ieu biantara téh teu bisa ditujulkeun ka sing saha baé. Kitu deui ka Juragan Demang, ieu biantara téh teu bisa ditujulkeun. Kitu deui ka Bapa Lurah nu aya di Kampung Legok Hangseur. Ogé ka Jang Ulis di Ranca Gagak. Sumawonna ka Mang Lebé di Bojong Éntog. Teu, ieu biantara téh teu bisa ditujulkeun. Kitu deui ka...

Demang : Menggeus! Jadi ngadalang silaing mah! Ganti!

Nyi Ronggéng : (Bari rusuh norojol hariweusweus) Abdi Juragan Ganti mah...

Demang : (Demang melengek. Méh baé ambek, mun teu kasirep ku kageulisan Nyi Ronggéng) Ké...ké... Asa teu pupuguh yeuh?

Nyi Ronggéng : Sumuhun. Tadi téh Juragan ngagentraan. Sumuhun abdi Ganti mah.


C. Paguneman Dina Diskusi



Paguneman lisan dina diskusi mah da jeung paguneman dina obrolan biasa, najankedallisantapileuwihngaleunjeurlantarankaiketku hiji téma. Atuh dina prungna gunemcatur antara pangjejer (narasumber) jeung pamilon (peserta diskusi) aya nu ngatur ku panumbu catur (moderator). Upama urang nyarita méngpar tina téma, geus tangtu bakal dieureunkeun ku panumbu catur . Ieu di handap contona, hég titénan.


Panumbu Catur : Saparantos narasumber ngadugikeun makalahna, salajengna para pamilon dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun patarosan. Urang bagi 3 termin waé, termin kahiji tilu jalmi, termin kadua tilu jalmi, lajeng termin katilu kanggo dua jalmi margi waktosna bilih teu nyekapan. Mangga kanggo termin kahiji…



Pamilon 1 : Naon nu ngalantarankeun masarakat teu disiplin di tempat umum?


Pamilon 2 : Nahaperlumasarakatnungalanggaraturankeuna ku sangsi?


Pamilon 3 :  Simkuringmoalngajengkeunpatarosan,tapibadé ngadugikeun pamadegan yén timbulna rupa-rupa kateuberésan téh akibat aparat henteu tegas!


Panumbu Catur : Salajengna mangga ka pangersa narasumber kanggo ngawaler.


Pangjejer :  Hatur nuhun… haduh patarosan kalintang saéna. Urang waler sakaligus waé. Naon sababna masarakat teu disiplin, sapertos miceun runtah, dagang di trotoar, parkir sakarepna, jst. Tadi tos disabit, di antarana balukar teu kungsi meunang kabiasaan disiplin di kulawargana, leres ari numutkeunaturanmahmémangtosayaperaturan daérah (perda) nu sangsina dibui atawa denda, tapi kan henteu gampil kitu waé. Sim kuring gé panuju kana pamadegan yén aparat henteu tegas,tapi bisa jadi aya pertimbangan-pertimbangan séjén. Upamana waé, padagang kaki lima dirajia, tangtu sanggeus dirajia kudu aya solusina.


Panumbu Catur : Hatur nuhun ka narasumber anu parantos ngawaler, rupina sugema teu sugema kedah sugema kana waleran narasumber, salajengna kanggo termin kadua, mangga dihaturananan.


........................... jeung saterusna.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nu Enggal

Maen Kaleci

 Sumber: www. datasunda.com Kaulinan barudak lalaki kaasup loba rupana, di antarana anu tepi ka kiwari masih aya tur angger dipikaresep ny...