Ngamumule Basa Jeung Kabudayaan Urang sunda kalayan silih asih, silih asah jeung silih asuh. Jeung Penetepan Rohmatan lil a'lamin di candak na ku Sunan Gunung Jati katurunan Prabu Siliwangi sareng kerabat Sunan Gunung jati kango kahirupan nu langgeng di akherat.


Translate

Sabtu, 14 Januari 2023

Basa Sunda 2 Nembangkeun Pupuh



Pupuh Magatru

ᮕᮥᮕᮥᮂ ᮙᮌᮒ᮪ᮛᮥ


sato galak belang coréléng téh maung 

ᮞᮒᮧ ᮌᮜᮊ᮪ ᮘᮨᮜᮀ ᮎᮧᮛᮦᮜᮦᮀ ᮒᮦᮂ ᮙᮅᮀ

kabeukina dahar daging

ᮊᮘᮩᮊᮤᮔ ᮓᮠᮁ ᮓᮌᮤᮀ

mun ngagerem témbong sihung 

ᮙᮥᮔ᮪ ᮍᮌᮨᮛᮨᮙ᮪ ᮒᮦᮙ᮪ᮘᮧᮀ ᮞᮤᮠᮥᮀ

anu ganggu moal wani

ᮃᮔᮥ ᮌᮀᮌᮥ ᮙᮧᮃᮜ᮪ ᮝᮔᮤ

cicingna di leuweung ganggong

ᮎᮤᮎᮤᮀᮔ ᮓᮤ ᮜᮩᮝᮩᮀ ᮌᮀᮌᮧᮀ


ari sato hideung katelahna lutung 

ᮃᮛᮤ ᮞᮒᮧ ᮊᮒᮨᮜᮂᮔ ᮜᮥᮒᮥᮀ

dina tangkal resep cicing

ᮓᮤᮔ ᮒᮀᮊᮜ᮪ ᮛᮨᮞᮨᮕ᮪ ᮎᮤᮎᮤᮀ 

gawéna ngan tinggulayun

ᮌᮝᮦᮔ ᮍᮔ᮪ ᮒᮤᮀᮌᮥᮜᮚᮥᮀ

sakapeung sok cungar cengir mun

ᮞᮊᮕᮩᮀ ᮞᮧᮊ᮪ ᮎᮥᮍᮁ ᮎᮨᮍᮤᮁ ᮙᮥᮔ᮪ 

pareng aya nu nempo

ᮕᮛᮨᮀ ᮃᮚ ᮔᮥ ᮔᮨᮙ᮪ᮕᮧ


aya deui sato leutik tapi lucu

ᮃᮚ ᮓᮩᮄ ᮞᮒᮧ ᮜᮩᮒᮤᮊ᮪ ᮒᮕᮤ ᮜᮥᮎᮥ 

ngaranna téh apan bajing bulu lemes semu hipu

ᮍᮛᮔ ᮒᮦᮂ ᮃᮕᮔ᮪ ᮘᮏᮤᮀ ᮘᮥᮥᮜᮥ ᮜᮨᮙᮨᮞ᮪ ᮞᮨᮙᮥ ᮔᮤᮕᮥ

kana bungbuahan beuki

ᮊᮔ ᮘᮥᮘᮥᮃᮠᮔ᮪ ᮘᮩᮊᮤ 

kalapa ngora mah komo

ᮊᮜᮕ ᮍᮧᮛ ᮙᮂ ᮊᮧᮙᮧ



Vidio Pupuh Magatru
ᮗᮤᮓᮤᮇ ᮕᮥᮕᮥᮂ ᮙᮌᮒ᮪ᮛᮥ


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nu Enggal

Maen Kaleci

 Sumber: www. datasunda.com Kaulinan barudak lalaki kaasup loba rupana, di antarana anu tepi ka kiwari masih aya tur angger dipikaresep ny...