Ngamumule Basa Jeung Kabudayaan Urang sunda kalayan silih asih, silih asah jeung silih asuh. Jeung Penetepan Rohmatan lil a'lamin di candak na ku Sunan Gunung Jati katurunan Prabu Siliwangi sareng kerabat Sunan Gunung jati kango kahirupan nu langgeng di akherat.


Translate

Sabtu, 14 Januari 2023

Basa Sunda 1 Ngunikeun Kecap 'e, eu, ng

             

Basa sunda 1


Tembang

ᮚᮨᮙ᮪ᮘᮀ


Kadé poho hirup kudu muji sukur

 ᮊᮓᮨ ᮕᮧᮠᮧ ᮠᮤᮛᮥᮕ ᮪ ᮊᮥᮓᮥ ᮙᮥᮏᮤ ᮞᮥᮊᮥᮁ


Sabab badan séhat

ᮞᮘᮘ᮪ ᮘᮓᮔ᮪ ᮞᮨᮠᮒ᮪


Ulah jorok kudu apik

ᮅᮜᮂ ᮏᮧᮛᮧᮊ᮪ ᮊᮥᮓᮥ ᮃᮕᮤᮊ᮪


Saban poé k urus sakujur badan

ᮞᮘᮔ᮪ ᮕᮧᮆ ᮕᮦᮊ᮪  ᮅᮛᮥᮞ᮪ ᮞᮊᮥᮏᮥᮁ ᮘᮓᮔ᮪



Tembang di Luhur esina nyaeta ngébréhkeun miara badan,

ᮒᮨᮙ᮪ᮘᮀ ᮓᮤ ᮜᮥᮠᮥᮁ ᮈᮞᮤᮔ ᮑᮈᮒ ᮍᮦᮘ᮪ᮛᮦᮂᮊᮩᮔ᮪ ᮙᮤᮃᮛ ᮘᮓᮔ᮪,

minangka bagian tina rasa sukur ka Gusti Nu Maha

ᮙᮤᮔᮀᮊ ᮘᮌᮤᮃᮔ᮪ ᮒᮤᮔ ᮛᮞ ᮞᮥᮊᮥᮁ ᮊ ᮌᮥᮞ᮪ᮒᮤ ᮔᮥ ᮙᮠ

Agung,sabab hirup séhat.Kaséhatan téh kacida pentingna.Éta

ᮃᮌᮥᮀ, ᮞᮘᮘ᮪ ᮠᮤᮛᮥᮕ᮪ ᮞᮦᮠᮒ᮪ ᮊᮞᮨᮠᮒᮔ᮪ ᮒᮦᮂ ᮊᮎᮤᮓ ᮕᮨᮔ᮪ᮒᮤᮀᮔ. ᮆᮒ

pangna wajib ngariksa sakujur badan.Lain w nu mangrupa

ᮕᮀᮔ᮪ ᮝᮏᮤᮘ᮪ ᮍᮛᮤᮊ᮪ᮞ ᮞᮊᮥᮏᮥᮁ ᮘᮓᮔ᮪. ᮜᮄᮔ᮪ ᮝᮆ ᮔᮥ ᮙᮀᮛᮥᮕ

bagian tina jasmani atawa lahiriahna, tapi deuih rohanina.

ᮘᮌᮤᮃᮔ᮪ ᮒᮤᮔ ᮏᮞ᮪ᮙᮔᮤ ᮃᮒᮝ ᮜᮠᮤᮁᮄᮃᮂ, ᮒᮕᮤ ᮓᮩᮄᮂ ᮛᮧᮠᮔᮤᮔ.


Ngunikeun Kecap  ('e ) Jeung ( e )

ᮍᮥᮔᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ (ᮆ) ᮏᮩᮀ (ᮈ)


Dina ngunikeun kecap, tepi ka sora fonem vokal nu diucapkeun

ᮓᮤᮔ ᮍᮥᮔᮤᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪, ᮒᮨᮕᮤ ᮊ ᮞᮧᮛ ᮖᮧᮔᮨᮙ᮪ ᮗᮧᮊᮜ᮪ ᮔᮥ ᮓᮤ ᮅᮎᮕ᮪ᮊᮩᮔ᮪

téh tétéla bédana.

ᮒᮦᮂ ᮒᮦᮒᮦᮜ ᮘᮦᮓᮔ.


Dina hal ieu,béda antara ngunikeun é jeung e, upamana

ᮓᮤᮔ ᮠᮜ᮪ ᮄᮉ, ᮘᮦᮓ ᮃᮔ᮪ᮒᮃ ᮍᮥᮔᮤᮊᮩᮔ᮪ "ᮆ" ᮏᮩᮀ " ᮈ", ᮅᮕᮃᮔ

dina kecap dua engang kéréjeung keré.Aya kecap anu

ᮓᮤᮔ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮓᮥᮃ  ᮈᮍᮀ " ᮊᮦᮛᮦ " ᮏᮩᮀ " ᮊᮨᮛᮦ ". ᮃᮚ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮃᮔᮥ

foném vokalna é é,e é, jeung e e.

ᮖᮧᮔᮨᮙ᮪ ᮗᮧᮊᮜ᮪ᮔ "ᮆ - ᮆ","ᮈ-ᮆ", ᮏᮩᮀ "ᮈ-ᮈ".

kéré - ᮊᮦᮛᮦ
hésé - ᮠᮦᮞᮦ
gedé - ᮌᮨᮓᮦ
resep - ᮛᮨᮞᮨᮕ᮪
sereg - ᮞᮨᮛᮨᮌ᮪
kédé - ᮊᮦᮓᮦ
béké - ᮘᮦᮊᮦ
lemes - ᮜᮨᮙᮨᮞ᮪
 kesed - ᮊᮨᮞᮨᮓ᮪ 
peré - ᮕᮨᮛᮦ
sebé - ᮞᮨᮘ'
leb'e - ᮜᮨᮘᮦ


Maca Kecap  "EU" & "NG"
ᮙᮎ ᮊᮨᮎᮕ᮪ "ᮉ" & "ᮍ"

Contoh Kecap nu make "eu"

ᮎᮧᮔ᮪ᮒᮧᮂ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮔᮥ ᮙᮊᮨ "ᮉ" 

euweuh - ᮉᮝᮩᮂ

leueur - ᮜᮩᮉᮁ

beureum - ᮘᮩᮛᮩᮙ᮪

peunteun - ᮕᮩᮔ᮪ᮒᮩᮔ᮪

eumeur - ᮉᮙᮩᮁ

seueur - ᮞᮩᮉᮁ

seukeut - ᮞᮩᮊᮩᮒ᮪

geunteul - ᮌᮩᮔ᮪ᮒᮩᮜ᮪

eundeur - ᮉᮔ᮪ᮓᮩᮁ

keueum - ᮜᮨᮉᮙ᮪

keuyeup - ᮊᮩᮚᮩᮕ᮪

beunteur -ᮘᮩᮔ᮪ᮒᮩᮁ

eunteup - ᮉᮔ᮪ᮚᮩᮕ᮪

leueut - ᮜᮩᮉᮒ᮪

peureum - ᮕᮩᮛᮩᮙ᮪

leumpeuh - ᮜᮩᮙ᮪ᮕᮩᮂ


Contoh Kecap nu make "ng"

ᮎᮧᮔ᮪ᮒᮧᮠ᮪ ᮊᮨᮎᮕ᮪ ᮔᮥ ᮙᮊᮨ  "ᮍ " / "  ᮀ "

angin - ᮃᮍᮤᮔ᮪

reungit - ᮛᮩᮍᮤᮒ᮪

langit - ᮜᮍᮤᮒ᮪

kawung - ᮊᮝᮥᮀ

suung - ᮞᮥᮅᮀ

munding - ᮙᮥᮔ᮪ᮓᮤᮀ

téang - ᮒᮦᮃᮀ

bénténg - ᮘᮦᮔ᮪ᮒᮦᮀ

balingbing - ᮉ ᮘᮜᮤᮀᮘᮤᮀ

barangbang - ᮘᮛᮙ᮪ᮘᮀ

éngang  - ᮆᮍᮀ

bangkong - ᮘᮀᮊᮧᮀ

bingkeng - ᮘᮤᮀᮊᮩᮀ

bangbung - ᮘᮀᮘᮥᮀ

cangkaléng - ᮎᮀᮊᮜᮦᮀ

kalangkang - ᮊᮜᮀᮊᮀ






Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Nu Enggal

Maen Kaleci

 Sumber: www. datasunda.com Kaulinan barudak lalaki kaasup loba rupana, di antarana anu tepi ka kiwari masih aya tur angger dipikaresep ny...