Sesebutan di lingkungan kulawarga
- Bapa dayat jeung ibu Ati boga budak tilu anu cikal ngaranna Manik anu panengah ngaranna Ikbal ari anu bungsu ngaranna Wulan
- Ikbal jeung wulan ka Manik nyebutna ceuceu atawa tétéh ari Wulan ka Ikbal nyebutna aa atawa akang
- Henteu sopan mun ka lanceuk nyebut ngaranna wungkul
- Ka lanceuk ulah sok nyebut ngaran kudu nyebut ceu Imas atawa téh Imas mun lanceuk urang ngaranna Imas atawa nyebut kang Rudi Mun lanceuk urang ngaranna Rudi
- Ka indung kudu nyebut ema atawa ibu
- Aya deuih nu sok nyebut mamah atawa ambu ogé ari ka bapa kudu nyebut téh apa atawa bapa saluhureun indung jeung bapa aya nini jeung aki ka nini sok aya anu nyebut enin
- Ari ka aki sok aya nu nyebut engki sok aya nu nyebut éyang deuih
- Nini jeung aki téh kolotna indung atawa bapa urang aya deuih nu disebut emang jeung bibi
- 'Eta téh adina indung atawa bapa urang emang sesebutan keur ka lalaki
- ari bibi sesebutan keur ka awéwé
- lanceukna indung atawa bapa urang disebutna uwa
Nami silsilah Katurunan Tihadap Ka luhur
Bapa: kolot lalaki
Indung: kolot awéwé
Aki: kolot lalaki ti bapa atawa ti indung
Nini: kolot awéwé ti bapa atawa ti indung
Uyut: bapa atawa indung ti aki atawa nini
Bao: bapa atawa indung ti uyut
Janggawaréng: bapa atawa indung ti bao
Udeg-udeg: bapa atawa indung ti janggawaréng
Kakait siwur: bapa atawa indung ti udeg-udeg
Karuhun: jujutan kanu leuwih luhur anu geus tilar dunya, Sedangkan yang masih hidup disebut sesepuh.
Nami silsilah Katurunan Tiluhur Ka Handap
Anak: turunan kahiji
Incu: turunan kadua, anak ti anak
Buyut: turunan katilu, anak ti incu
Bao: turunan kaopat, anak ti buyut
Istilah Nu sejena dina hal katurunan:
Budak Tunggal: anak hiji-hijina
Budak Cikal: anak anu munggaran
Budak Panengah: anak anu lahir di tengah-tengah; biasana pikeun jumlah anak ganjil
Budak Pangais bungsu: lanceuk deukeut ti anak bungsu atawa anak kadua ti handap
Budak Bungsu: anak bungsu, anak anu gumelar panungtung
Lanceuk: dulur sadarah lalaki atawa awéwé anu leuwih kolot
Adi: dulur sadarah lalaki atawa awéwé anu leuwih ngora
Uwa: lanceukna awéwé ti bapa atawa indung
Paman/ emang: adi lalaki ti bapa atawa indung
Bibi: adi awéwé ti bapa atawa indung
Alo: anakna lanceuk
Suan: anakna adi
Aki ti gigir: lanceuk atawa adi lalaki ti aki atawa nini
Nini ti gigir: lanceuk awéwé ti aki atawa nini
Kapilanceuk: dulur misan, anak uwa
Kapiadi: dulur misan, anak paman/ bibi
Incu ti gigir: incuna adi atawa lanceuk
Emang ti gigir: anak lalaki ti adi atawa lanceuk aki jeung nini
bibi ti gigir: anak awéwé ti adi atawa lanceuk aki jeung nini
Salaki: lalaki anu ngawin pamajikan
Pamajikan: awéwé anu dikawin ku salaki
Mitoha: indung atawa bapa ti pamajikan atawa salaki
Minantu: lalaki atawa awéwé anu dikawin ku anak
Besan: indung atawa bapana minantu atawa mitoha anak urang
Dahuan: lanceuk ti salaki atawa pamajikan
Adi beuteung: adi ti salaki atawa pamajikan
Sabrayna: dulur kanu sanini atawa saaki, contona hubungan kapilanceuk atawa kapiadi.
Mindo: dulu sanggeus sabrayna atawa sauyut. Contona hubungan antara anak kapilanceuk jeung anak kapiadi.
Dulur pet ku hinis: dulur kandung, dulur saindung sabapa.
Dulur sabaraya: dulur ka anakna paman atawa anakna bibi.
Dulur teges: dulur pituin saindung sabapa.
Indung téré: pamajikan bapa tapi lain indung kandung.
Bapa téré: salaki indung tapi lain bapa kandung.
Anak téré : anak ti salaki atawa pamajikan tapi lain anak kandung.
Dulur patétéréan: anak ti indung atawa bapa téré.
Baraya laér: dulur pancakakina geus jauh.
Teu hir teu walahir atawa deungeun-deungeun balangbangan: teu baraya saeutik-eutik acan.
Bau-bau sinduk: baraya kénéh sanajan geus laér.
Baraya: sakur jalma anu aya pancakakina.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar